BABATURAN
karya : Siti Rahayu Andiani
Babaturan ...
Unggal poe anjeun datang
Mawa kagumbiraan
Diwaktu aya kasedihan
Najan panas kapanasan, hujan kahujanan
Tur anggang diteteangan
Unggal poe urang rerejeungan
Macakrama jeung silih elegan
Susah jeung senang dilakonan
Salila 3 taun babareungan
Babaturan ...
kiwari urang paturay
sanajan aya babaturan anyar
tong poho nu geus urang dilakonan
da gening ceuk tembang
aya mangsana datang
jeung aya mangsana mulang...
karya : Siti Rahayu Andiani
Babaturan ...
Unggal poe anjeun datang
Mawa kagumbiraan
Diwaktu aya kasedihan
Najan panas kapanasan, hujan kahujanan
Tur anggang diteteangan
Unggal poe urang rerejeungan
Macakrama jeung silih elegan
Susah jeung senang dilakonan
Salila 3 taun babareungan
Babaturan ...
kiwari urang paturay
sanajan aya babaturan anyar
tong poho nu geus urang dilakonan
da gening ceuk tembang
aya mangsana datang
jeung aya mangsana mulang...

Anda sedang membaca artikel berjudul 
0 komentar:
Posting Komentar